Siki Saga
Ku Hernisa A. Nugraha
Kuring mo
bisa deui narima
Werat
nampi paisan kosong
Alim diri
digugulung baluweng
Sasat béda
jaman gé hanteu
Tong
pisan-pisan ngaheruk lulungu
Ka sim
abdi nu ukur siki saga
Kuring
memang sagede kebul
Tapi haté
mah sagara paul
Najan awak
pinuh ku getih
Tapi raga
pinuh ku kawani
Sasiki
saga nya diri
Sagedé
gunung sunda nya harga
Saleutik
siki nya awak
Sabeureum
saga nya harepan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar