Selasa, 03 Mei 2016

Carpon Riweuh

Riweuh
Ku Hernisa A. Nugraha

Manéhna ukur ngabetem, teu lemék sakecap-kecap acan. Kuring teu ngarti, da puguh tadi gé pas ngajak kadieu téh manéhna ngengenyang bari ceurik. Sanggeusna répéh kuring jadi asa di obat nyamukeun, tapi keun lah kangaranan ka sobat dalit mah geus apal ka adat-adatanana.  Tapi lila-lila cangkeul ogé imbit téh, kurang leuwih sajaman kuring jeung manéhna jongjon nyawang langit nu teu baeud ogé teu seuri-seuri acan tatadi téh.  Élékésékéng ateul hayang ngomong, ah teu kuat rék pok ayeuna wéh
“Ta, hayu ah urang balik!”  Teu kénéh dijawab ku Rita téh.
Bakating ku teu kuat, kuring balik tiheula teu maliré deui Rita nu ngajejentul kénéh  tatadi. Karék gé sababaraha léngkah, jol aya nu noél ti gigir
“Sati, manéh ningali si Rita teu? Urang aya urusan yeuh” ceuk si Anah, babaturan sakelas kuring jeung Rita.
“Rita? Na aya naon kitu?” kuring panasaran.
“Burukeun lah, dimana?”  Anah nyureng.
Beu, nyieun perkara naon deui atuh si Rita téh nya, kuring tatanya ka diri sorangan. Rék ngabejakeun dimana-dimanana sieun picilakaeun ka si Rita, tapi saupama teu dibejakeun atuh kuring teh ngabohong jadina. Nya kapaksa kuring ngawanikeun manéh cacarita najan ukur  ngecap “ dikantin”.
Wanci geus manjing ka magrib, sigana poé ieu téh kuring lila teuing miceun waktu , da puguh kuduna mah tatadi téh  kuring geus ngangeuskeun pancén nyieun makalah hasil observasi ka Perpustakaan Universitas kamari, hancaeun nyieun jurnal. Geus kieu, kari kaduhung nu nyangkaruk na jero dada. Hayang pisan boga mesin pikeun malikan deui waktu nu geus kaliwat, tapi da  mustahil.
Nalika leumpang hareupeun mesjid An-Nass, katingali aya ibu-ibu  nu katingalina téh keur bingung.  Teu lila ibu-ibu éta nyampeurkeun
“Néng, badé tumaros ibu téh, pami didieu aya nu namina Rita teu nya?” nanya bari semu kerung.
“Rita nu mana nya bu?” kuring ngawahan bari semu waas, sieun kaceplosan ngomong nu teu paruguh.
“Éta nu kuliah di kampus ieu, jurusanna téh basa Indonesia da asana mah néng“ ngajawab bari  ngayakinkeun kuring.
Aduh kunaon nya poé ieu loba nu nanyakeun si Rita.  Moal teuing rék dipikiran ah, keun weh da batur ieuh. Awak asa lalungsé, padahal lain geus olah raga. Ngong adan magrib, tuluy ka cai néang wudu. Tadina mah rék mandi heula, tapi ku panyakit horéam téa, niat téh jadi bolay kieu.
Jarum jam nu panjang nunjuk kana angka dua,  ari jarum leutikna  nunjuk kana angka sapuluh. Uluh ningan teu karasa ti bada isa, kuring ngadedeluk waé ngerjakeun jurnal hancaeun téa, nepi ka kajongjonan teu maliré waktu. Teu kungsi lila aya sora nu keketrok. Sorana téh asa deukeut, sigana mah ngetrok panto kontrakan kuring yeuh. Rék dibuka, da sieun tapi mun teu di buka, bisi penting. Buka tong nya, buka tong nya, ah ulah wéh da kapan ceuk Bu Nani, dosén basa Inggris kuring gé lamun aya nu keketrok tipeuting, ulah dibuka. Da kapan lamun enya jalma bener mah, moal rék tatamu tipeuting. Buru-buru ka cai, sibeungeut, gosok huntu, langsung tuturubun nutupan awak ku simbut, lep weh saré, dug sek.
***
Alarem hapé geus disada, nandakeun wanci geus cunduk pikeun ngamimitian aktipitas poé ieu, da deuih lima menitan deui gé adan subuh bakal kadangu. Bada solat, kurunyung ka luar, niat rék nyebor kembang nu ngan hiji-hijina nu dipiboga ku kuring. Ana mukakeun panto, ojol-ojol aya kardus leutik  nu dituruban ku kaén kayas ngan salambar. Naon ieu nya, panasaran puguh ieu téh, tapi deui-deui kuring asa sieun, sieun bom. Da kapan ayeuna téh keur usum bingkisan nu eusina bom, ceuk di nu berita gé. Tung-tungna mah éta kardus téh diantep. Aéh kétah mun di antep, tuluy eusina téh bom, atuh bakal ngabeledag meureun, kumaha mun kontrakan kuring kaduruk?. Teu nungguan deui isuk, harita kénéh kuring rawah-riwih nelepon pulisi. Sina kadieu pikeun ngajinekkeun bingkisan anu mencurigakan téa.
Iber salelembur, teu itu teu ieu jul jol pada riweuh tatanya boh ka kuring boh ka nu keur ngagimbung pajar cenah aya naon, kunaon, kumaha ieu, sagala réang tetelepék. 
“Néng, aya naon ieu téh, aya bom?” ibu-ibu nu umurna kira-kira 50 taunan nanya bari nyorén elap na tak-takna, pantesna tadi manéhna téh keur masak.
“Duka bu, tapi sigana mah muhun” kuring ngajawab laun.
Pulisi penjinek bom, nu maraké baju siga robot daratang bari mawa pakakas parantina. Éta kardus téh di bawa ka lapang déngdék paragi arulin barudak di lembur ieu. Saha waé gé dipahing ngadeukeutan, komo hayang nyagap sagal mah, teu menang cenah. Sabot was-was kitu, datang si Rita bari semu nu rusuh ngadeukeutan kuring nu lalajo di baris panghareupna.
“Sati, keur aya naon ieu mani ramé kieu?” ngomongna rada renghap ranjug, da mereun tas lulumpatan téa.
“Rita? Ieu euh dihareupeun kontrakan urang ojol-ojol aya kardus nu mencurigakan, urang téh langsung wéh lapor ka pulisi”
“Bingkisan? Nu kumaha rupana bingkisana téh?” nanya siga nu panasaran pisan bangunna Rita téh.
“Teuing da dituruban kaén salambar warna kayas.”
“Kayas?” colohok bari siga nu reuwas.
“Kayas da urang gé nyaho atuh warna nu kieu mah moal rék disebut warna bungur.” Bari ngasongkeun kaén na leungeun kuring, da pas nungguan pulisi téh sempet kénéh ngarawél kaén ieu. Aéhh?? Naha ku teu sadar, kumah lamun nyaan bom, atuh kuring bakal dipariksa meureun, sabab bakal aya sidik jari kuring dina kaén barang bukti téa. Kuring gé karék ngeuh harita.
“Manéh… éta mah bingkisan keur kuring” Rita ngomong meupeuskeun lamunan kuring nu keur ngabayang-bayankeun.
“Hah? Maksudna?” ceuk kuring bari calangap siga budak bolon.
“Heueuh, éta téh bingkisan ti Indung kuring ti lembur. Ku kuring dibéré alamat kontrakan manéh, da ceuk pamikir téh, kuring pan teu lila deui rék sakontrakan jeung didinya, ari dikirimkeunna téh leuwih gancang tina pangira kuring ningan, héhé hampura nya” ngomong di pungkasan ku nyengir
Can sempet ngajawab, kaburu aya nu nyampeurkeun, pulisi nu maké baju siga robot téa.
“De, jangan hawatir, bukan bom, isinya Cuma aksesoris sama baju ajah ko”  ceuk manéhna bari imut, keur mah kasép katambah ku dedeg rupana anu wibawa, matak kapiasem.
Nyaho kitu, éra aya, hayang seuri aya, kehel gé aya ka si Rita téh, da bongan atuh teu ngobrol heula ti anggalna ari rék nitipkeun bingkisan ti lembur ka kontrakan kuring téh. Jelema-jelema salelembur baralik ngiclik-ngiclik piomongeun nu pada hariweswes, sigana mah ngomongkeun kalakuan kuring anu rada konyol, meureun.
Kaharti méh semet bingkisanna hungkul mah, ari nu kamari nanayakeun si Rita rék naon nya kira-kira.
“Yeuh, kamari gé si Anah jeung saha nya da ibu-ibu kitu nanyakeun manéh cenah Rit,”
“Si Anah?” ngajawab bari nyantéi.
“Heueuh, nanyakeun manéhna téh nya siga nu ngambek, kerang-kerung sagala, ah ku kuring téh béjekeun wéh di Kantin, sakitu.”
“Oh si Anah téh nyusul ka kantin meureun nya kamari téh, da uing gé pas manéh balik, ngilu balik ngan jalanna ka tukang, tiris ningan lila-lila cicing di kantin téh, uyuhan nya nu sok barobogohan di dinya nepi ka soré, ihhh meureun teu arasup angin nya,”
“Na aya perkara naon atuh maranéh téh?”
“Éta rék nanyakeun si Juha, mantanna ayeuna mah.”
“Mantan, na geus putus kitu?”
“Sigana matak nanyana siga nu bari ngambek téh, kabawa suasana haténa meureun, nu keur keuheul ka si Juha, da matak putus gé, si Juhana salingkuh ceunah”
“Har kitu ningan, ari nyanéh atuh ari kamari na beut ceurik, kuat ka lila pisan deuih, urang nanya gé teu di waro waé!” nanya bari rada ngareketkeun huntu, bari irung teu karasa ngabeukahan.
“Haha kamari?” ngajawab bangun siga nu teu boga salah, nyaho geus ngahésékeun téh.
“Teuh nya kalahka seuri, béak obat hah?” rada keuheul kuring ngajawab téh.
“Iss santéi atuh bu, kamari téh kuring keur latihan ékting, apanan kuring kungsi nyarita rék miluan késting, tah kamari pisan, aya nu ngabél ti pihak produksina cenah kuring katarima, matakna kamari kuring langsung nyobaan ékting, éh singhoréng suksés ningan, buktina manéh gé katipu” ngomong siga nu serius, bari di selapan ku seuseurian.
Ngadéngé kitu, mun kompor téa mah geus meledug tatadi meureun ieu téh, kuat ka téga ka sobat sorangan ngajailan modél kitu, atawa émang kuringna wéh meureun nya nu boloho kitu. Hiji-hiji kapanasaran kamari, nungtut kajarawab, eh hiji deui yeuh, ari si ibu-ibu téa saha? Jeung deuih nu keketrok ti peuting?.

“Ibu-ibu?”kakara si Rita nyarita masang beungeut nu sarius pisan, bari kerung sagala deuih, mangkali lipet kerungna kuring nalika manggihan bingkisan téa tadi isuk.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar