PÉSO BASA SUNDA
Ku Hernisa A. Nugraha
Bayangkeun saupama
urang masak maké peso anu mintul. Teu terak ku nyiksikan céngék, palangsiang
daging atawa neukteukan kéréwédan mah. Nu matak keuheul kana haté. Nya kitu
deui saupama urang nyarita tapi naon nu dipimaksud dina caritaan urang téh teu
kahartieun ku nu ngadéngéna. Sarua henegna pan? Ku kituna, urang butuh basa
salaku péso nu seukeut paranti komunikasi jeung manusa séjénna.
Basa téh kacida gedé
gunana pikeun manusa mah. Gera waé bayangkeun saupama manusa teu boga basa.
Tangtuna dunya téh éstuning simpé éstuning pikakeueungeun. Ogé bayangkeun
saupama panday beusi teu nyieun péso nu gunana pikeun suksak-siksik ngeureutan
pikeureutaneun. Teu hadé deuih saupama urang kudu nurutan manusa primitif mah,
anu ngeureutan hakaneunna ku batu nu seukeut (pan asa teu modern?).
Péso ogé lain kuda anu
kudu hayoh waé digawékeun, tapi kudu diasah sarupa jeung kuda nu butuh dahar
jukut jeung nginum cai. Basa gé nya kitu deui, perelu diasah diseukeutan
sangkan naon nu boncéng dina runtuyan gramatikana bisa nepikeun pamaksudan
atawa makna jeung harti omongan panyaturna. Coba ayeuna urang titénan,
kira-kira basa naon anu seukeut, anu bisa nepikeun maksud omongan kalawan
maranti nepi kana haté? Moal nyalahan pasti jawabanana nya éta basa Sunda.
Naha enya basa Sunda
téh basa nu seukeut siga péso? Jawabanna moal jauh ti nu geus kaalman jeung
karandapan ku urang sorangan salaku panyatur basa Sunda. Kabeungharan kecap anu
dipibanda ku basa Sunda, ngajadikeun basa Sunda beuki seukeut dina nepikeun
makna jeung maksud omongan urang. Saupama urang ngambek? Karasa leuwih anteb
lamun nyarékan maké ‘Sia’, ‘Anjing’, ‘Goblog’ téh. Asa naon anu dikedalkeun téh
meneran pisan jeung kakeuheul anu hayang ditamplokkeun. Kitu deui saupama urang
keur kagunturan madu, kecap-kecap anu maranis téh sok totojéran pasesedek gera
hayang kalaluar tina baham. Komo deui saupama urang keur ‘kasamaran’ mah, duh
Gusti dunya téh ngadak-ngadak cangra, letah gé ngadak-ngadak pinuh ku kekacapan
nu gariung, matak waraas kana ati sanubari téh.
Nu
matak éta teu anéh saupama basa Sunda sok disebut basa rasa. Basa nu ngandung
pirang-pirang maksud, nu anteb parat nepi kana mamaras rasa urang. Basa Sunda
boga kaonjoyan anu teu dipikaboga ku basa-basa lian nya éta lebah seuketna ieu.
Lir jamparing anu méh ngabungbung melesat tina gondéwana, basa Sunda bisa nembus
kana alam rasa nu ngadéngéna.
Keur
para wanoja Sunda mah, basa Sunda téh bisa jadi kahéngkéran, sabab rék sakumaha
kesel jeung ambekna ka salaki atawa beubeureuhna saupama geus diolo ku kekecapan
nu matak beukah liang irung mah, sok jadi leuleuy deui. Siga nu bisa meruhkeun haté
batur basa Sunda mah. Nya kitu ogé basa Sunda anu dipaké ngawuruk budak ti
kolot ka anakna, atawa ngatik murid ti guru ka muridna. Saupama direumbeuy ku
kekecapan basa Sunda nu pepel ku makna jeung rasa, ngajadikeun sing saha waé nu
ngadéngéna bakal leuleuy haténa ngaleketey bakating ku antebna basa. Jadi teu
salah saupama aya babasan nu nyebtukeun basa Sunda téh basa rasa, basa anu
seukeut nu leuwih anteb kana manah, boh basa-basa nu dipaké saupama ngambek
atawa keuheul boh basa nu dipaké saupama keur bungah atawa kasmaran.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar