Senin, 02 Mei 2016

Sajak Kalangkang Layung

Kalangkang Layung
Ku Hernisa A Nugraha

Katingal tina sorot socana
Kakuping tina kedal ucapna
Karaos tina geteran manahna
Miasih dugi kapanungtungan

Teu sirikna dilakonan
Teu burung ditedunan
Dipiharep mungkasan carita
Nutupkeun lawang  duriat keur batur
Mukakeun lawang katresna keur urang

Handapeun awang-awang
Luhureun lambaran jukut
Maheutkeun ati
Dituturkeun kalangkang layung
Marengan harepan panungtung

Asih urang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar