“DIBAYAR KONTAN”
Ku Hernisa A. Nugraha
Dunya atikan remen geunjleung. Ti mimiti masalah
kurikulum nepi ka masalah tékték bengék sabudeur dunya sakola. Budak sakola
umumna teu ngarti (meureun?) kana masalah-masalah naon baé anu kaalaman salila
manéhna sakola. Boa ngan ukur pasrah tumarima kana aturan atawa
kawijakan-kawijakan guruna (conto: kawijakan méré peunteun). Guruna deuih anu
teu “transparan” ka budak ngeunaan
kumaha-kumahana cara guru méré peunteun jeung ku jalan kumaha barudak bisa
dibéré peunteun. Sakola ogé utamana, anu kurang (boa henteu meureun!) maliré
kana aturan-aturan evaluasi atawa
cara meunteun guru-guru. Wallohu.
Ceuk dina toiri “Perkembangan Peserta Didik” mah
budak umur sakola SD jeung SMP masih can ngarti jeung kurang kritis kana
hal-hal sabudeureunana. Anu leuwih dipeliré téh ngan ukur sual ulin jeung
néangan babaturan saloba-lobana. Béda jeung budak SMA nu geus mimiti mikir,
geus mimiti kritis kana hal-hal saluareun masalah ulin jeung néangan babaturan
cara budak SD jeung SMP téa. Nya di dieu pisan untungna. Hiji masalah ngeunaan
cara meuteun guru, (utamana guru Olah Raga) bisa kaungkab.
Dina mata pangajaran boh di SD boh di SMP ogé di SMA
tangtuna aya mata pangajaran olah raga. Sakumaha anu kamaphum ku saréréa,
tangtuna waé mata pangajaran olah raga mah réréana pasti prakték. Ti mimiti
prakték lari anu bisa dilaksanakeun di sabudeur sakola, nepi ka prakték renang
anu umumna dilaksanakeun di luar sakola (sabab umumna sakola teu sakabéh boga
fasilitas kolam renang husus di sakolana). Tah ieu pisan anu jadi matak sabiwir
hiji téh. Guru biasana maréntahkeun ka sakumna murid (kelas VII contona) pikeun
miluan tés renang di kolam renang “anu” jam “saanu” kalayan wajib. Lebah kecap
“wajib” éta anu biasana ngabeungbeuratan sababaraha murid (boa kolotna pisan)
téh. Ku sabab kaayaan ékonomi tiap orang tua murid téh béda-béda, antukna aya
anu moal bisa miluan éta tés renang. Sedengkeun guruna keukeuh ngawajibkeun!
Ahirna naon? Guru anu keukeuh téh, méré kawijakan:
anu teu bisa miluan tés renang, pék baé mayar “saanu”. Biasana mah mémang
leuwih murah batan biaya anu kudu dikaluarkeun saupama miluan tés renang di
kolam renang umum mah. Tapi coba bayangkeun, saupama anu teu miluan tés téh aya
sapuluh urang? atawa leuwih? Sabaraha batina? Nya tangtuna waé bisa meureun keur
ngajajanan baso mah. Anu teu rasionalna
téh nya éta peunteun anu hargana “saanu”
téa. Pikeun murid nu teu milu tés mah, teu ngarasa rugi (meureun deui!) saupama
ngan dibéré peunteun “7” ku guruna téh. Tapi naha ieu kawijakan téh alus kana
kamekaran karakter murid kahareupna? Matak teu anéh saupama kiwari loba lahan
pigawéeun anu asupna kudu heula maké
harga anu “saalaihim” téh. Da meureun atuh ti bubudakna kénéh ku guruna geus
diajarkeun kitu!
Kasus samodél kieu téh kaalaman pisan ku nu nulis
ieu tulisan, boa-boa geus aya ti jaman béh dituna kénéh (Ka teuing!). Nu pasti
mah, méré peunteun nu bisa dibayar ku duit “saanu” (rék baraha-sabaraha waé gé)
tetep teu merenah, teu ngadidik budak. Hadéna mah, tiap sakola, utamana pupuhu
sakolana (Pa/ Bu Kepsek) leuwih imeut deui kana sagala rupa paripolah para guru
dina enggoning méré kawijakan peunteun. Mugia baé kahareupna mah di Indonesia
hususna, moa aya deui lahan pagawéan anu kudu make pangleueur “sekian anu”,
tapi dibayar ku kamampuh anu onjoy jeug moral nu hadé. Mugia.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar