Melak
Basa Sunda ti Akarna Mula
Ku Hernisa Agustiani Nugraha
Tutuwuhan nya éta salah sahiji mahluk ciptaan Alloh
SWT. Sacara saréat tutuwuhan téh moal bisa jadi sorangan. Tutuwuhan tuwuh
saupama aya nu melak binihna. Kitu deui jeung basa Sunda. Basa Sunda gumelar ti
mimiti ayana manusa Sunda, jeung bakal hirup salila urang Sunda hirup kénéh.
Pasualanna kiwari loba manusa Sunda anu geus mimiti poho (teuing mopohokeun?)
basana sorangan. Tah dina hal ieu urang diperedih pikeun milu mikiran tarékah
sangkan basa Sunda hirup (deui).
Saupama dikobét deui mah, pasualan ieu téh kudu
dikoréd jeung dioméan ti akarna mula. Kulawarga. Teu dihanteu lingkungan
kulawarga jadi média munggaran nu ngawadahan binih basa Sunda keur budak. Dina
élmu Perkembangan Peserta Didik mah disebutkeun yén dina umur 3 taun téh jadi
masa emas pikeun mekarna perkembangan
bahasa budak. Ku kituna boh indung boh bapa atawa saha waé anu milu
pagilinggisik dina lingkungan kulawarga miboga tanggung jawab penting pikeun
ngawanohkeun jeung ngabiasakeun ngomong dina basa Sunda. Ku remen ngadéngé
basana, budak moal hésé dina nurutan maké éta basa.
Basa Sunda salian di pelak di lingkungan kulawarga
ogé sakuduna dicebor tur dipupukkan di lingkungan atikan saperti sakola pormal.
Hal ieu kudu ditarékahan sangkan budak teu kateug dina nampa basa-basa liana.
Leuwih cocog saupama basa Sunda dipaké jadi basa panganteur di sakola-sakola.
Leuwih hadé deui saupama basa Sunda diajarkeun ti mimiti TK nepi ka Paguron
Luhur. Lingkungan TK jadi sasak nu ngantengkeun tali paranti basa Sunda kana
lingkungan sakola anu leuwih luhur deui. Pangajaran basa Sunda di SD jeung SMP
minangka périodeu tuwuhna pibakaleun buah dina tangkal basa Sunda. Tah nincek
di paguron luhur, buah basa Sunda téh geus mimiti gumading maju ka asak. Dina
mangsa ieu generasi panerus basa Sunda mimiti disiapkeun pikeun diala. Budak nu
asalna léléngkah halu ngecap basa Sunda, dina lingkup atikan nu leuwih jembar
ieu mah geus bisa lumpat dina mokuskeun diri pikeun resep, reueus, jeung boga
karep pikeun mupusti jeung neruskeun hirupna basa Sunda.
Maju ka kiwari tangkal basa Sunda geus bisa dipanén,
buahna geus asak, sikina geus bisa jadi binih deui. Budak nu geus diwewegan
basa Sunda ti mimiti di lingkungan kulawarga, ditéma di lingkungan atikan di
sakola, ayeuna geus bisa ngamalkeun basana ka generasi satuluyna. Lain disebut
budak deui ayeuna mah. Da budak téh ayeuna mah geus boga budak deui, hartina
daur hirupna geus nincek kana umur nu meujeuhna kawin. Warisan ti kulawargana
diwariskeun deui ka budakna. Banda basa Sunda nu diajarkeun ti kulawargana
diajarkeun deui ka budakna. Kitu satuluyna.
Jadi bisa dicindekkeun yén lingkungan kulawarga téh
tétéla bisa jadi taneuh nu subur pikeun melak jeung manén basa Sunda. Hal ieu
dilakonan sangkan manusa Sunda nu wanoh tur maké basa Sunda bisa neruskeun
hirup jeung huripna basa Sunda ngakar nepi ka jaga.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar