Selasa, 03 Mei 2016

Carpon KALANGKANG PEURAY

KALANGKANG PEURAY
Ku Hernisa A. Nugraha

Langit soré geus peureum, ayeuna kari bungkingna. Engapan ngaranjug teu ngawirahma. Geus waktuna. Kudu buru-buru da kapan kang Ido mah ari palay dipencetan téh sok tara kénging elat tina nu dipasinikeun.
Saméméh jung, sagala kalengkepan ngarancét kudu dicék heula. Minyak keletik, elap, anduk leutik, jeung.. euhh naon deui nya? Asana mah enggeus kabéh. Da puguh ngan sakitu-sakituna kétang.
Jekrék téh panto dikoncian. Los indit ka tempat pangjugjugan, ladang nyiar duit. Duit nu salila ieu jadi tali panyambung saban rénghap. Rénghap bagja nu pinuh ku pangharepan.
Lila ngajengjen hareupeun panto imah Kang Ido. Sabada tilu kali salam, antukna pribumi kapireng ngoloyoh ngadeukeutan panto. Laju dibuka tulakna. Ana bréh téh, imut pribumi geus miheulaan kedalna kecap. Sorot paningalna nganteurkeun jirim ka ditu, ka engonna kang Ido.
“Loba gawé di kantor téh Lis, geus opat poé ngalemburna gé. Pék atuh kainyah!” kang Ido muka paguneman bari mukakeun kaos sangsangna.
“Mangga kang,” ukur sakitu ti kuring.
Teu talangké. Awak kang Ido nu ngeplak diusapan ku minyak keletik bari dirampaan ku hariwang. Palaurna lain sulap. Teu cara sasari. Na nu ayeuna mah béda, jajantung gé geus asa rék ragrag.
“Cing atuh Lis, rada kahandap..!”
“Muhun,” cekéng téh.
Ngomong irit kitu téh, lain pédah judes, tapi ieu baham asa hareurin ku létah. Teu puguh cabak, teu puguh rampa. Teu kahaja deuih leungeun téh ngarampa lebah céda, tilas geubis na motor cenah. Nepi ka nu dirancét téh ngorénjat nyeurieun. Tuluy malik nyanghareupan ka kuring. Mencrong. Teu ngiceup. Pon kitu deui kuring. Ana kuring ngiceup, leungeun kuring geus dibetot. Biwirna mani nompo kana ceuli.
“Tos tong mijit deui. Janten bojo akang wéh.”
Kuring teu bisa ngajawab. Kalahka mata simeuteun, olohok hookeun.
“Lis.. “ teu bérés ngomongna téh da panonna téa kaburu ngiceup.
“Istigfar kang! Punten, euhh abi leres teu kahaja..” lalaunan semu asa-asa.
Nu nyekelan pageuh antukna udar. Medar lalakon kemba, ninggalkeun kuring. Kuring nu tuluy kaeunteupan hémeng. Nginget-nginget naon waé nu bieu karandapan. Gusti nanaonan ieu abi?
Ti harita teu hayang deuih datang ka imah kang Ido. Lain kunanaon. Sieun kadua bingung kuring téh. Kabayang mun harita nepi ka..
Astagfirulloh… Sora hapé meupeus lamunan.
Lis, ka bumi ngké jam tilu nya. Carangkeul yeuh balas turnamén kamari di kantor. 
Baluwengna haté nampa sms kitu téh. Datang ulah nya? Ari henteu, nyiirikeun teuing duméh kuring keur ngajauh ti Kang Ido. Tapi ari datang, sok palaur. Palaur teu bisa nyekel prinsip. Prinsip hirup tukang rancét nu teu boga daya upaya, nu dianggap barang murah anu hayang boga ajén.
Ana dipikir-pikir deui, teu salah meureun lamun kuring nohonan kahayang kang Ido, dirancét cara sasari. Antukna sanggeus paguneman lila antara haté jeung uteuk, kuring ngayakinkeun hate: bakal datang!
Basa panon paadu teuteup jeung kang Ido, karasa aya angin nu nebak kana embun-embunan. Tiis.
“Lis calik!” cenah.
Dijawab ku unggeuk. Tapi anéh bet dititah diuk na korsi paranti sémah. Da biasana gé langsung muru ka engon. Tuluy dirancét, ngubarana nu carangkeulna téa.
 “Lis, euh akang téh..” can kebat kénéh. “ Akang téh resep ka Elis, Elis kersa teu hirup sareng akang?” pegat-pegat tapi atra.
Saumur hirup gé, kuring can kungsi ngadéngé sora guludug anu ngagerewahkeun tapi matak éndah kadéngéna cara bieu. Gusti, tobat ieu abi. Sanajan diri leutik tapi da haté mah gedé pangharepan. Harepan boga gantar cecekelan balas ngabagi bagja jeung nalangsa.
“Tapi kang, da abi mah mung tukang rancétijit, sanés saha-saha, janten..” teu budal kabéh omongan téh. Padahal teu munapik da ari haté mah ngajorowok ngaheueuhkeun.
**
Geus méh sataun kuring masantrén di Pasantrén Umi Aisyah. Teu karasa. Patrem nu baheula nancleb na dada putri Citraresmi gening kiwari geus pukah dicabut ku wanci. Mo aya deui nu dipikahariwang. Mo aya deui nu dipiharep, iwal kabagja. Bagjana hirup jadi jalma hirup. Lain. Lain hartina kamari kuring teu hirup, tapi pédah hirup kuring nu kamari mah teu nyawaan cara ayeuna.
Talaga kaléreun kobong jadi wadah miceun panineungan. Batu-batuna anu satia malédogan panyakit sangsara haté nu geus mangbulan-bulan dikukut na diri. Anginna teu ieuh bosen ngahihidan batin nu ngageuri. Seungtina malati teu laas kabanjur cimata kasedih nu salila ieu ukur bisa diheumheum sapribadieun.
Imas. Batur masantrén nu panggeténna. Manéhna nu salila ieu ngaduruk sumanget pikeun hudang. Unggal janari teu bosen ngageuingkeun pikeun  tahajud. Saban rék saré tara boseneun ngingetan pikeun ngadu’a cenah sangkan Pangeran ngahampura dosa, tur ngabarokahan hirup huripna urang.
“Lis tong ngalamun waé ah, ké gé ngalaman atuh” bari nyikikik ngoconan kuring nu keur ngalungsar handapeun tangkal kembang keretas kayas.
“Ih naon sih Mas!” bari mésem.
“Kunaon?” nanyana téh semu nu ngarti yén kuring keur ngemu pipikiran.
“Henteu..” bari ngarénghap.
Imas males ku sorot panon. Teu kedal ku lisan tapi norowéco nanya ka kuring. Antukna kuring balaka.
“Sono mas ka kang Ido.” bari miceun sorot panon kana luhurueun kenténg kobong.
Imas ngawaro ku imut. Leungeunna nu laléncop ngusapan kana taktak. Tingtrim haté téh ari kitu mah.
“Kieu atuh Lis, énjing sabada netepan subuh Lilis angkat ka kota teu kedah wawartos ka Umi. Asal Lis kedah mulang deui sateuacan asar nya?” ngayakinkeun.
Panto asa muka lega pisan. Teu kalis aya pepedut nu ngahalangan. Sanajan sieun tapi haté yakin. Yakin mawa awak nyampeurkeun bahla nu kasumputkeun ku kasono.
**
Angkot eureun hareupeun pisan imah kang Ido. Tangkal cau nu baheula paragi nyawang langit, kiwari kari bogolna.
Tangkalna pites teuing ku saha. Lalaunan tulak pager di sorolokkeun. Bray pager muka. Imah éta nu kamari nyaksian kuring mukahkeun prinsip hirup. Lain deui jadi tukang rancét anu hayang boga ajén, tapi tukang rancét anu nirca, teu pageuh nyekelan tatali hirupna.
Lar, mapay-mapay pijalaneun. Antukna mah jog kana korsi tamu. Aya lampu caang nu ngaburinyay na kongkolak panon. Lamunan ngacacang ka mangsa baheula. Baheula didinya pisan ucap cintana kedal. Nya didinya deuih kuring ngaleupaskeun ajén hirup nu geus lila dicekel pageuh. Angin nu tiis nepak embun-embunan singhoréng angin bajra nu nganterukeun diri kana dosa. Aya kana tilu bulanna kuring ngalaman hirup bareng jeung jungjunan haté. Nu cenah bakal satia satuhu babarengan nepi ka jaga. Sanajan can kungsi ngucap jangji di balé nyungcung, kuring jeung kang Ido teuneung nyanghereupan seuneu nu ngabebele hareupeun. Nepi ka dina hiji poé, seuneu téh bet ngaduruk awak, ngagorogotan kapangkuh diri anu salila éta dipupusti. Kang Ido geus jarang balik ka imah, ngulampreng teuing kamana. Kecap cintana gé geus tara deuih kadéngé. Kuring bingung teu puguh kudu kumaha. Kang Ido jungjunan kuring geus cidra tina jangjina.
Teu kuat nandangan hirup kawas kitu nya ngalantarankeun kuring lunta. Indit sakaparan paran, sugan nimu caang di lajan. Ku asihna Gusti nu Maha Welas Asih, antukna kuring papanggih jeung Imas. Imas nu nyait kuring tina rurujit. Nungtun kana caang nu salila ieu ditutupan ku peteng.
Sora adan lohor nyitreuk lamunan. Mulangkeun pangacian nu bieu minggat ka panineungan baheula. Lapur. Sakulibek imah geus ditéang tapi kang Ido teu kasampak. Harepan, meureun ukur harepan. Teu laksana pamaksudan téh. Balik. Éta jawaban hiji-hijina nu ngelemeng. Moal r­ék lila-lila ngarepkeun nu teu pasti. Peunlah duriat teu kudu deui diubaran. Ubarna gé geus ilang pisan. Sugan wéh panyakit sono kuring bisa laas palid ku wanci. Sugan.
Angkot ngabiur tarik siga kuda nu ngahaja diteunggarkeun. Eureun sakeudeung di péngkolan nu rék ka pasar baru. Wajar. Apan tukang angkot gé butuheun dahar, keur maraban anak pamajikanana. 
Panon asa peurih. Teuing pédah nahan cimata, teuing pédah kakebulan. Nu sidik aya panumpang nu naék kana angkot kuring. Siga nu duaan padahal tiluan. Tiluan mun diitung jeung orok nu keur diais ku bapana mah.
Asa wawuh! Salirana nu jangkung leutik. Buuk nu tukangna rada rancung. Jeung panonna nu seukeut. Naék ati-ati kana angkot. Dirérét teu bari ngiceup. Sumérédét. Aya nu nurih siki panon kuring. Sorot nu mencrong lir kembang kadu. Kang Ido. Gening akang sareng ingkang geureuha nu naék téh.
***
Kosan ajaib, Désémber 2012
Mangle, no. 2417 21-27 Maret 2013


Tidak ada komentar:

Posting Komentar