Senin, 02 Mei 2016

Sajak CANGKANG URUT SAJARAH

CANGKANG URUT SAJARAH
Ku Hernisa A. Nugraha

Pulas diri méh baé pudar
Ngudar harga ngudar pangajén
Saban poé ukur di jejek
Ditincak ku nu meuli pangabisa

Teu ukur kaseuseup maduna
Lain waé kaala buahna
Raga kiwari ukur cangkangna
Geusan diasaan sari patina

Ayeuna kari ngararasa
Ngeunteung manéh dina panineungan
Baheula tinggal sajarahna
Kahareup tinggal sangsarana
Tunggara jadi sapatu murah

Kalan dibeuli pikeun dipiceun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar