Asih Pasini
Ku
Hernisa A. Nugraha
Kembang bungur jeung kembang malati
Mawar bodas Kananga campaka
Éndahna teu kapaliré
Éstu seungit nataku
Sumeleber kaangin-angin
Eunteup kana lahunan
Diseuseup diambung
Matak tingtrim kana manah
Duh jungjunan kadeudeuh atos katampi
Meungkeut asih nu urang
Rasa sono jeung rasa kaasih
Matak hésé diragap disawang
Mangkak ngembang dina saré
Moal bisa dirahul
Kumalangkang kaimpi-impi
Henteu matak kaluman
Ngaliwat ngalangkung
Bulak balik dina mata
Duh bébéné ubaran ieu kasakit
Dina tepang munggaran
Raray tineung pajonghok pasini
Mindo asih harepan katresna
Saucap megatkeun simpé
Ngudar kiceup nu lungguh
Sakecapna paheut na ati
Nyukcruk jero implengan
Kadeudeuh nu agung
Meungkeut jangji handap mega
Duh kameumeut sampaykeun raga kasuci
Héman cinta duaan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar