ASUP ANGIN NYERI SIRAH
Ku Hernisa A. Nugraha
Barang
nyah hudang sirah téh geus asa ditojosan jarum. Teu dirasa. Mandi gé
sagebrus-gebrusna, teuing disabun teuing henteu. Ah mangsa bodo. Éh tugas. Alah
mangkaning poé ieu téh kudu dikumpulkeun. Merod. Teu tulus kitu ka kampus téh.
Maenya, gara-gara can ngerjakeun tugas kudu bolay kuliah. Lain gue banget lah.
Leumpang
satengah lumpat. Da puguh geus leuwih lima menit tina jadwal téh.
Pikasebeleunna deuih. Rék meuntas gé hésé teu cara sasari. Da puguh ti kosan ka
kampus téh ngan kari meuntas. Matak teu anéh mun indit ka kampus téh sok
nyatei. Peun lah sual hésé meuntas, ayeuna bijil masalah anyar. Satpam. Na satpam téh tatadi ningalikeun waé,
aya nu anéh kitu. Ah keun wéh, kasilep ku ningali nu geulis meureun.
Maju
kana tangga. Sahambalan-sahambalan ditaékanna téh. Titi rinti tur tarapti
ayeuna mah.
“
Sri.”
Asa
aya nu ngageroan. Ka kuring kitu, ah boa lain. Éh ana dilieuk singhoréng nu
ngagentraan téh kang Ajé. Bungah. Naha nya jeung kudu bungah sagala. Biasa wéh
kuduna mah.
“naon
kang?”
Nu
nanya tiheula téh kalahka malik seuri. Teu ngarti. Émang poé naon ieu? Poé
seuri sadunya kitu. Teu puguh. Tapi, nu puguh mah mata téh asa sareukseuk,
sirah asa nyanyautan. Barang nincek ubin kelas. Teg téh. Saha éta? Mani ku
hideung.
“kunaon
Sri?” si hideung nanya.
Ukur
diwaro ku gideug. Da rék ngajawab téh, teu pararuguh. Teu puguh saha nu nanya,
asa karék ningali. Tapi naha nya, nu nanya téh bangun nu geus loma ka kuring.
Deui-deui kuring teu hayang maliré. Keun antep ah.
Laju
diuk. Ngahaja milih bangku di jajaran pang tukangna (kétah satukang-tukangna
gé, jajaran ka-3). Ngahaja, da keur teu mood
paadu sanghareup jeung dosén téh. Ari gék, ari aya nu datang deui. Gusti,
naha sarua hideung. Astagpirulloh. Beuki loba nu datang téh. Kabéh harideung.
Nyalengir deuih. Kasaha? Ka kuring? Ah maenya.
Poé
ieu. Hayang buru-buru balik. Teu kuat ah lila-lila di kelas téh. Teu kuat,
saban rét ka katuhu aya nu hideung. Rét ka kénca, sarua hideung. Di hareupeun
mah geus puguh.
Alhamdulillah.
Gening mata kuliah ka dua, dosénna euweuh. Asa mobok manggih gorowong atuh ari
kieu mah. Dosén téh mani ku surti. Nyiar-nyiar pikabungaheun waé. Teu antaparah
deui. Laju lumpat sakaparan-paran muru ka luar. Hareudang. Teu kuat ku
nyongkabna hawa jero kelas. Nya. Kelas nu teu puguh-puguh pinuh ku nu
harideung.
Barang
nempo alam dunya luareun gedong fakultas. Bray téh bararodas. Caang. Di mana
ieu? Dimana nya? Kalahka norowéco haté téh. Kela-kela, saha itu? Siga.. siga
kang Ajé. Éh enyaan kitu. Tapi ké kélanan. Lain ah. Kang Godi.
“kang”
satengah ngajorowok.
Nu
ditanya ngabalieur. Hih meni teu diwaro. Abong sastrawan kasohor. Digentraan ku
jalma leutik mah, ngabaléngos. Keun moal diwawuhan gera (kuduna gé itu nu moal
ngawawuhan kuring nya).
Ceuk
paribasa. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok téa. Teu karasa. Geus
di kosan deui. Asa hiber. Teuing ngaleungit kétah.
Kukurubukan.
Lapar. Masak ah. masak asin kéré nu amis jeung sambel. meumpeung boga tarasi.
Am am dahar. Wareg. Aduh panyakit téh jadi deui. Panyakit tunduh lamun geus
wareg. Jeung deuih itu bantal asa ngagupayan. Ngén bobo cenah. Ah dodoja ieu
mah. Reup téh, teu inget di bumi alam. Asana mah teu ngimpi-ngimpi acan.
Barang
nyah hudang. Aya nu ngabedaga. Buleud. Boga leungeun opat. Nu hiji cicing, nu dua
siga nu cicing. Ari nu hiji deui puputeran. Hayang sidik. Ana cengkat téh,
langsung ngajenghak. Sirah. Duh nyeri. Leungeun leuleus. Ari gigireun aya buku.
Serat Sarwasatwa. Astagfirulloh. Saha nu mareuman alarm? Meni euweuh nu
ngahudangkeun.
Ledeng,
Nopember ahir, 2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar