SASAKALA GUNUNG BATU
ANJING
Ku
Hernisa A. Nugraha
Jaman
baheula, kacaturkeun di hiji daérah pasawahan, aya hiji lembur anu katelah
Kampung Sawah Saar. Éta lembur téh ayana di wewengkon Kacamatan Pameungpeuk,
Desa Langonsari, Kabupatén Bandung. Nu katelah ti éta lembeur téh nya éta
Gunung Batu Anjing, tapi saenyana mah éta gunung téh mangrupa pasir, da ari nu
disebut gunung mah kudu gedé tur luhur.
Di
wewengkon Pameungpeuk aya tilu pasir nu ngalingkung éta lembur. Nu kahiji, nya
éta Pasir Undar. Pasir Undar ieu boga cirri has, nya éta aya batu anu wangunna
siga bedil jeung aya ogé batu anu wangunna mengrupa salah sahiji waditra Sunda
anu cara maénna dipetik kawas kacapi. Pasir anu kadua, nya éta Pasir Ipis, di
ieu pasir aya sirah caia anu ngocorkeun caina ka lembur Cibiuk nu aya
dihandapeunana. Pasir anu belah kidul, nya éta Pasir Karikil, ieu pasir leuwih
kawéntar batan pasir-pasir anu séjénna, sabab aya tilu wangun batu anu sigana
téh aya pakuat pakaitna. Singhoréng bener, sanggeus ditalungtik éta batu-batu
téh aya sasakalana.
Ceuk
sakaol, éta batu-batu téh, kabéh disebut “Paninggaran Moro Landak”. Harita aya
paninggaran anu keur moro landak di Pasir Karikil bari mawa pakakas sapuratina.
Harita ogé manéhna mawa bedil jeung anjing. Pangna éta paninggaran mawa anjing,
nya éta keur ngambeu tempat anu biasana aya landakna. Sanggeus kaditu-kadieu
ngasruk leuweung, éta anjing babaung méré kodeu yén manéhna ngambeu bau landak.
Kabeneran éta landak téh katingali lumpatna ku paninggaran, terus baé diudag
bari jeung dibedilan. Tapi tayohna teu beunang baé, éta landak téh kalah asup
kana jero lolongkrang batu anu katingalina téh semu ngagurayot, da nepi ka
kiwari ogé éta batu téh angger baé katingalina siga nu rék beulah. Meureun
bakating ku beurat nahan landak anu awakna minuhan jero lolongkrang éta batu.
Paninggaran
ambek kusabab sato anu diporona teu beunang, nepi ka bedil anu dibawana
dibalangkeun jauh bakating ku ambek. Singhoréng éta landak téh lain landak
biasa, éta landak téh landak kajajadén. Kusabab ambek geus rék dibedil ku
paninggaran, éta landak téh nyupata ka paninggaran
“hé
paninggaran, silaing teu apal yén kuring téh Déwa? sia geus kumawani
ngagunasika sato leuweung, mangka ku asihna Nu Kawasa, silaing katut sakur nu
dibawa ku silaing bakal ngabatu, jeung bakal salilana jedi batu!”
Ti
saprak harita, wujud-wujudna robah ngabatu. Nepi ka kiwari, batu anu mangrupa
wujud paninggaran katelahna Batu Nangtung nu perenahna di Pasir Karikil, di
lebah punclutna aya batu nu kawéntar ka janapria nya éta Batu Anjing, ari bedil
anu dibalangkeunana mencleng jauh ka Pasir Undar nu aya dibeulah wétanna. Tah,
sasakala Gunung Batu Anjing téh nepi ka kiwari aya kénéh bukti nyatana.
Kiwari,
batu-batu éta masih kénéh aya, tapi geus teu kaurus bareng jeung nyérélékna
waktu. Salian ti éta ogé, geus loba manusa anu teu tanggung jawab ngetrékkan
batu-batu éta, malah aya jalma anu pirajeunan ngetrék ceulina Batu Anjing nu
aya dipunclut Pasir Karikil téa. Jaman ogé nu ngabalukarkeun pasawahan robah
jadi pilemburan. Kampung Sawah Saar robah ngaranna jadi Kampung Babakan Mekar.
Dingaranan kitu téh sabab beuki dieu éta lembur téh beuki ngalegaan anu genep
bulan ka tukang geus robah deui ngaranna jadi Kampung Pamekaran.
Saenyana
mah éta sasakala téh masih nyésakeun rusiah. Ceuk kolot baheula mah éta
batu-batu téh bakal robah deui jadi wujud aslina lamun éta landak daékkeun
kaluar tina jero lolongkrang batu Beulah éta.
Mangle no 2418 23 maret- 3 april 2013
Gambar di atas diambil dari http://nyokbe.blogspot.co.id/
Tidak ada komentar:
Posting Komentar