Senin, 02 Mei 2016

Sajak HUJAN PEUTING KAMARI

HUJAN PEUTING KAMARI
Ku Hernisa A. Nugraha


Didinya di leubah kulon
Dinapangsurupan diluhureun gunung
Aya méga konéng anu beunta semu sepa
Teu kahontal ku manah
Teu kawawa ku impian
Hayang haté nyaba kana rasana
Layung konéng nu semu hideung
Gumantung di langit pajajaran


Beurat mawa méga nu rék muntah
Miceun harepan keur kahirupan
Mulangkeun rasa kabagja
Meupeuskeun rasa kahéman
Nu di arep-arep
Singhoréng ayeuna datang deui
Sabot diuntuy ku halodo lila
Nyaraclakan dina taneuh nu bareulah
Ku hujan peuting kamari
Ray ngusap peuting nu éndah
Mawa hawa tiis

Nu matak nyecep kana ati

Tidak ada komentar:

Posting Komentar