Selasa, 03 Mei 2016

Carpon Wawales nu Hanaang

Wawales nu Hanaang
Ku : Hernisa Agustiani Nugraha

Usum? Nya apan ayeuna téh keur usum ngijih. Lain waé usum ngijih kétah, tapi ogé usum teu boga duit ceuk kuring mah. Da puguh sagala gé geus meujeuhna rék béak. Ti mimiti rinso, sabun, béas, nepi ka haslin gé kabéh geus tinggal dedekna waé. Kuring ti baheula ti keur meujeuhna mangkat rumaja resep ka nu ngarana hujan. Malah mah lain ukur hujanna tapi ogé huhujananna, najan ti baréto kasakit nu remen karasa téh nya éta asup angin. Da naon deui atuh panyakit nu dibalukarkeun tina hasil nyoo cai salian ti asup angin jeung salésma? Nepi ka ayeuna, rék béakeun masa rumaja gé angger wéh resep kénéh ka nu ngarana huhujanan téh. Paribasa hujan téh bisa malidkeun pikireun haté nu keur baluweng (galau cenah ceuk basa gaul ayeuna mah).
            Harita panon poé keur éraan, embungeun némbongkeun pameunteuna anu hurung mubyar nyaangan sajeroning beurang. Tapi méga hideung harita keur meujeuhna adigung, méh saban waktu lalar liwat nembongkeun mongkléngna pabeubeurang. Resep aya atoh ogé aya sabab hujan bakal lila-lila maturan beurang nu kuring dina kaayaan hate nu keur loba pikiraneun téa.  Wanci lohor geus kaliwat sababraha menit katukang, tatadi geus teu geunah cicing hayang buru-buru sholat. Di luar hujan kerep pisan pating udag jeung sora guludug nu matak soak kana ceuli.  Ari lol ka mushola, mani pinuh kacida matak bendu mun ninggang ka nu teu kuat iman mah. Tapi untungna kuring di bekelan pangaweruh agama anu meujeuhna pikeun nungtun pileumpangeun ngajugjug masjid nu teu pati jauh ti fakultas tempat kuring ayeuna mupu élmu.
            Sabada turun tina tangga nepi ka lobi fakultas, ngarandeg heula saheulaanan niat rék mukakeun payung bekel ti lembur, da puguh amanat kolot, kuring teu meunang huhujanan deui, sing nyaah ka awak sorangan cenah peupeuriheun taya nu ngélingan ari jauh ti kolot mah. Payung di buka tuluy baé leumpang niat ka masjid. Ari dijalan mani nguyumbang cai ti mana ti mendi, cai hujan pantesna mah. Ah da puguh resep huhujanan najan maké payung ogé angger wéh kantong baseuh, baju gé jibrug. Satepi na di masjid dek waé langsung néang wudu tuluy sholat Munfarid. Siga na pas kuring keur sholat, hujan téh ngaraatan. Atuh pas balik deui ka pakultas téh teu maké payung deui, najan hujan mah masih kénéh ngecrek. Balukarna hujan gedé nu tadi, atuh sapatu anu ngan hiji-hijina téh jibrug baseuh siga nu tas diseuseuh. Sajajalan mikir kumaha isuk teu boga sapatu, malah mah sendal gé kamari anyar leungit teuing kamana, pantesna meureun aya nu “ngampihan”.
            Kagiatan lumangsung dina kaayaan sapatu kuring nu kulimis baseuh teu katulungan. Da ari baju onaman kaangin-angin ogé teu pati jibreg. Sabada na kagiatan, kuring balik ka kosan nu jauh mun di bandingkeun jeung kosan babaturan kuring nu lianna. Saparatna jalan, weleh teu pétot mikiran sapatu jeung kaayaan lokét nu keur ipis pisan. Maenya waé kitu kudu nginjeum heula sapatu nu “dulur” mah? Satepina di kosan tempat nyiruruk saheulaanan salila kuliah téh kuring geus nyieun  hiji kacindekan yén kuring rék maksakeun meuli sapatu nu hargana kudu 15 rébuan. Da mun leuwih ti sakitu, kumaha hirup urang ngké nepi ka balik deui ka lembur.
            Kabeneran babaturan sakamar kuring isukna libur kuliah, jadi bisa dipéntaan tulung nganteur sorangan meuli sapatu nu hargana tong leuwih ti 15 rébuan téa. Kabeneran pisan manéhna daékeun nganteur. Geus katangén ti anggalna tempat mana nu rék di datangan pikeun dibeulian sapatu téh. Ari nepi ka tempat émpér nu ngajual sapatu, kasampak nu bogana keur ngadaweung bari ngaleueut cikopi ngebul. Pas di tanyaan unggal sapatu nu jadi barang jualanna si emang sapatu téh, teu manggih sapatu nu hargana 15 rébu, paling murah gé hargana téh 25 rébu. Ari kana modélna nya puguh waé bogoh, tapi  palebah hargana éta nu teu saluyu jeung eusi lokét, nu matak bedo ka kuring na. babaturan kuring, ningali kuring siga kitu téh karunyaeun, malah nepi ka rék méré nginjeum duit sagala. Tapi tibaheula kuring yakin lamun urang geus ngamimitian hiji hal, bisa jadi éta hal téh bakal manjang nepi ka jadi kabiasaan. Tah hal éta pisan anu di pahing ku kuring, kuring embung mimitian ngahutang sabab embung jadi kabiasaan pikeun kahareupna. Sigana babaturan téh surti pisan kana sikep kuring nu nolak kana pitulung kahadéana téh.
            Dijugjug unggal tukang sapatu, ditanyaan harga sapatu nu dijualna tapi meni teu hiji-hiji acan nu harganna 15 rébu. Ceuk jero pikir, pantes waé didieu mah euweuh sapatu murah hargana 15 rébu, da ngaran di kota mah béda jeung di kabupatén, ku pajakna gé leuwih gedé di kota batan di kabupatén mah. Haté geus teu puguh rarasaan, geus mimiti éra ku babaturan nu satia nuturkeun kahayang kuring nnu keukeuh peuteukeuh téa hayang meuli sapatu 15 rébuan.
            Teu réa piker deui, tuluy baé niat rék mulang deui ka kosan kalayan maksud nu can hasil. Ceuk pamikir téh, keun waé lah isuk mah rék maké sapatu baseuh baé, kajeun baseuh gé sugan kapeutingkeun mah méh jadi rada eumeul-eumeul. Sapanjang jalan, luk baé kuring tungkul teu loba cacarita. Ari babaturan nu mata na awas kénéh ningali sakuriling jajalaneun, jol noel pok na “ bu, mau liat ke toko ini dulu ngak?” rét kuring ningali ka palebah toko anu ngadeg hareupeun kongkolak panon pisan. Pikeun ngahargaan manéhna jug baé nuturkeun indung suku anu sigana mun seug bisa nyarita pasti ngomong kieu “hayu tuturkeun, méh buru-buru panggih jeung nu dimaksud, da kula téh geus capé diajak kaditu kadieu bari teu hasil mah”. Baruk nepi ka hareup toko, ieu mata téh geus panggih jeung nu dicirian. Pok waé nanyakeun harga kalayan leuleus teu sumanget deui ngulincer néangan piburueun . “A nu ieu sabarahaan?” ceuk kuring. “20 néng tinggal satu lagi” pok na ngawaler. Aduh kumaha yeuh, tinggal hiji deui cukup moal nya ukurana, sok sieun teu meujeuh hég isukan jadi atuh maké sapatu baseuh téh. Gancang dicobaan éta sapatu téh, mani ku amis pisan Gusti sapatu téh ninggang ku meujeuhna. Teu dilila-lila deui langsung baé di tawar “A da nyeepkeun, 15 wéh nya..?”. Teu nungguan kuring nawar nepi ka bérés, pok tukang dagangna ngajawab “yah mangga “ cenah bangun nu rusuh siga na téh, da bari ngaladangan nu meuli nu séjénna. Bet asa mobok manggih gorowong pisan manggih sapatu murah harga 15 rébuan dina kaayaan capé haté ti tatadi teu manggihan waé barang nu di téangan. Tah sigana ieu wawales pikeun jalma anu usaha keyeng, nepi ka Gusti gé marengkeun ku cara nu éndah tur amis lir ibarat cai nu ngagolontor dina kaayaan diri nu keur hanaang. 




Carpon Riweuh

Riweuh
Ku Hernisa A. Nugraha

Manéhna ukur ngabetem, teu lemék sakecap-kecap acan. Kuring teu ngarti, da puguh tadi gé pas ngajak kadieu téh manéhna ngengenyang bari ceurik. Sanggeusna répéh kuring jadi asa di obat nyamukeun, tapi keun lah kangaranan ka sobat dalit mah geus apal ka adat-adatanana.  Tapi lila-lila cangkeul ogé imbit téh, kurang leuwih sajaman kuring jeung manéhna jongjon nyawang langit nu teu baeud ogé teu seuri-seuri acan tatadi téh.  Élékésékéng ateul hayang ngomong, ah teu kuat rék pok ayeuna wéh
“Ta, hayu ah urang balik!”  Teu kénéh dijawab ku Rita téh.
Bakating ku teu kuat, kuring balik tiheula teu maliré deui Rita nu ngajejentul kénéh  tatadi. Karék gé sababaraha léngkah, jol aya nu noél ti gigir
“Sati, manéh ningali si Rita teu? Urang aya urusan yeuh” ceuk si Anah, babaturan sakelas kuring jeung Rita.
“Rita? Na aya naon kitu?” kuring panasaran.
“Burukeun lah, dimana?”  Anah nyureng.
Beu, nyieun perkara naon deui atuh si Rita téh nya, kuring tatanya ka diri sorangan. Rék ngabejakeun dimana-dimanana sieun picilakaeun ka si Rita, tapi saupama teu dibejakeun atuh kuring teh ngabohong jadina. Nya kapaksa kuring ngawanikeun manéh cacarita najan ukur  ngecap “ dikantin”.
Wanci geus manjing ka magrib, sigana poé ieu téh kuring lila teuing miceun waktu , da puguh kuduna mah tatadi téh  kuring geus ngangeuskeun pancén nyieun makalah hasil observasi ka Perpustakaan Universitas kamari, hancaeun nyieun jurnal. Geus kieu, kari kaduhung nu nyangkaruk na jero dada. Hayang pisan boga mesin pikeun malikan deui waktu nu geus kaliwat, tapi da  mustahil.
Nalika leumpang hareupeun mesjid An-Nass, katingali aya ibu-ibu  nu katingalina téh keur bingung.  Teu lila ibu-ibu éta nyampeurkeun
“Néng, badé tumaros ibu téh, pami didieu aya nu namina Rita teu nya?” nanya bari semu kerung.
“Rita nu mana nya bu?” kuring ngawahan bari semu waas, sieun kaceplosan ngomong nu teu paruguh.
“Éta nu kuliah di kampus ieu, jurusanna téh basa Indonesia da asana mah néng“ ngajawab bari  ngayakinkeun kuring.
Aduh kunaon nya poé ieu loba nu nanyakeun si Rita.  Moal teuing rék dipikiran ah, keun weh da batur ieuh. Awak asa lalungsé, padahal lain geus olah raga. Ngong adan magrib, tuluy ka cai néang wudu. Tadina mah rék mandi heula, tapi ku panyakit horéam téa, niat téh jadi bolay kieu.
Jarum jam nu panjang nunjuk kana angka dua,  ari jarum leutikna  nunjuk kana angka sapuluh. Uluh ningan teu karasa ti bada isa, kuring ngadedeluk waé ngerjakeun jurnal hancaeun téa, nepi ka kajongjonan teu maliré waktu. Teu kungsi lila aya sora nu keketrok. Sorana téh asa deukeut, sigana mah ngetrok panto kontrakan kuring yeuh. Rék dibuka, da sieun tapi mun teu di buka, bisi penting. Buka tong nya, buka tong nya, ah ulah wéh da kapan ceuk Bu Nani, dosén basa Inggris kuring gé lamun aya nu keketrok tipeuting, ulah dibuka. Da kapan lamun enya jalma bener mah, moal rék tatamu tipeuting. Buru-buru ka cai, sibeungeut, gosok huntu, langsung tuturubun nutupan awak ku simbut, lep weh saré, dug sek.
***
Alarem hapé geus disada, nandakeun wanci geus cunduk pikeun ngamimitian aktipitas poé ieu, da deuih lima menitan deui gé adan subuh bakal kadangu. Bada solat, kurunyung ka luar, niat rék nyebor kembang nu ngan hiji-hijina nu dipiboga ku kuring. Ana mukakeun panto, ojol-ojol aya kardus leutik  nu dituruban ku kaén kayas ngan salambar. Naon ieu nya, panasaran puguh ieu téh, tapi deui-deui kuring asa sieun, sieun bom. Da kapan ayeuna téh keur usum bingkisan nu eusina bom, ceuk di nu berita gé. Tung-tungna mah éta kardus téh diantep. Aéh kétah mun di antep, tuluy eusina téh bom, atuh bakal ngabeledag meureun, kumaha mun kontrakan kuring kaduruk?. Teu nungguan deui isuk, harita kénéh kuring rawah-riwih nelepon pulisi. Sina kadieu pikeun ngajinekkeun bingkisan anu mencurigakan téa.
Iber salelembur, teu itu teu ieu jul jol pada riweuh tatanya boh ka kuring boh ka nu keur ngagimbung pajar cenah aya naon, kunaon, kumaha ieu, sagala réang tetelepék. 
“Néng, aya naon ieu téh, aya bom?” ibu-ibu nu umurna kira-kira 50 taunan nanya bari nyorén elap na tak-takna, pantesna tadi manéhna téh keur masak.
“Duka bu, tapi sigana mah muhun” kuring ngajawab laun.
Pulisi penjinek bom, nu maraké baju siga robot daratang bari mawa pakakas parantina. Éta kardus téh di bawa ka lapang déngdék paragi arulin barudak di lembur ieu. Saha waé gé dipahing ngadeukeutan, komo hayang nyagap sagal mah, teu menang cenah. Sabot was-was kitu, datang si Rita bari semu nu rusuh ngadeukeutan kuring nu lalajo di baris panghareupna.
“Sati, keur aya naon ieu mani ramé kieu?” ngomongna rada renghap ranjug, da mereun tas lulumpatan téa.
“Rita? Ieu euh dihareupeun kontrakan urang ojol-ojol aya kardus nu mencurigakan, urang téh langsung wéh lapor ka pulisi”
“Bingkisan? Nu kumaha rupana bingkisana téh?” nanya siga nu panasaran pisan bangunna Rita téh.
“Teuing da dituruban kaén salambar warna kayas.”
“Kayas?” colohok bari siga nu reuwas.
“Kayas da urang gé nyaho atuh warna nu kieu mah moal rék disebut warna bungur.” Bari ngasongkeun kaén na leungeun kuring, da pas nungguan pulisi téh sempet kénéh ngarawél kaén ieu. Aéhh?? Naha ku teu sadar, kumah lamun nyaan bom, atuh kuring bakal dipariksa meureun, sabab bakal aya sidik jari kuring dina kaén barang bukti téa. Kuring gé karék ngeuh harita.
“Manéh… éta mah bingkisan keur kuring” Rita ngomong meupeuskeun lamunan kuring nu keur ngabayang-bayankeun.
“Hah? Maksudna?” ceuk kuring bari calangap siga budak bolon.
“Heueuh, éta téh bingkisan ti Indung kuring ti lembur. Ku kuring dibéré alamat kontrakan manéh, da ceuk pamikir téh, kuring pan teu lila deui rék sakontrakan jeung didinya, ari dikirimkeunna téh leuwih gancang tina pangira kuring ningan, héhé hampura nya” ngomong di pungkasan ku nyengir
Can sempet ngajawab, kaburu aya nu nyampeurkeun, pulisi nu maké baju siga robot téa.
“De, jangan hawatir, bukan bom, isinya Cuma aksesoris sama baju ajah ko”  ceuk manéhna bari imut, keur mah kasép katambah ku dedeg rupana anu wibawa, matak kapiasem.
Nyaho kitu, éra aya, hayang seuri aya, kehel gé aya ka si Rita téh, da bongan atuh teu ngobrol heula ti anggalna ari rék nitipkeun bingkisan ti lembur ka kontrakan kuring téh. Jelema-jelema salelembur baralik ngiclik-ngiclik piomongeun nu pada hariweswes, sigana mah ngomongkeun kalakuan kuring anu rada konyol, meureun.
Kaharti méh semet bingkisanna hungkul mah, ari nu kamari nanayakeun si Rita rék naon nya kira-kira.
“Yeuh, kamari gé si Anah jeung saha nya da ibu-ibu kitu nanyakeun manéh cenah Rit,”
“Si Anah?” ngajawab bari nyantéi.
“Heueuh, nanyakeun manéhna téh nya siga nu ngambek, kerang-kerung sagala, ah ku kuring téh béjekeun wéh di Kantin, sakitu.”
“Oh si Anah téh nyusul ka kantin meureun nya kamari téh, da uing gé pas manéh balik, ngilu balik ngan jalanna ka tukang, tiris ningan lila-lila cicing di kantin téh, uyuhan nya nu sok barobogohan di dinya nepi ka soré, ihhh meureun teu arasup angin nya,”
“Na aya perkara naon atuh maranéh téh?”
“Éta rék nanyakeun si Juha, mantanna ayeuna mah.”
“Mantan, na geus putus kitu?”
“Sigana matak nanyana siga nu bari ngambek téh, kabawa suasana haténa meureun, nu keur keuheul ka si Juha, da matak putus gé, si Juhana salingkuh ceunah”
“Har kitu ningan, ari nyanéh atuh ari kamari na beut ceurik, kuat ka lila pisan deuih, urang nanya gé teu di waro waé!” nanya bari rada ngareketkeun huntu, bari irung teu karasa ngabeukahan.
“Haha kamari?” ngajawab bangun siga nu teu boga salah, nyaho geus ngahésékeun téh.
“Teuh nya kalahka seuri, béak obat hah?” rada keuheul kuring ngajawab téh.
“Iss santéi atuh bu, kamari téh kuring keur latihan ékting, apanan kuring kungsi nyarita rék miluan késting, tah kamari pisan, aya nu ngabél ti pihak produksina cenah kuring katarima, matakna kamari kuring langsung nyobaan ékting, éh singhoréng suksés ningan, buktina manéh gé katipu” ngomong siga nu serius, bari di selapan ku seuseurian.
Ngadéngé kitu, mun kompor téa mah geus meledug tatadi meureun ieu téh, kuat ka téga ka sobat sorangan ngajailan modél kitu, atawa émang kuringna wéh meureun nya nu boloho kitu. Hiji-hiji kapanasaran kamari, nungtut kajarawab, eh hiji deui yeuh, ari si ibu-ibu téa saha? Jeung deuih nu keketrok ti peuting?.

“Ibu-ibu?”kakara si Rita nyarita masang beungeut nu sarius pisan, bari kerung sagala deuih, mangkali lipet kerungna kuring nalika manggihan bingkisan téa tadi isuk.

Carpon ASUP ANGIN NYERI SIRAH

ASUP ANGIN NYERI SIRAH
Ku Hernisa A. Nugraha

Barang nyah hudang sirah téh geus asa ditojosan jarum. Teu dirasa. Mandi gé sagebrus-gebrusna, teuing disabun teuing henteu. Ah mangsa bodo. Éh tugas. Alah mangkaning poé ieu téh kudu dikumpulkeun. Merod. Teu tulus kitu ka kampus téh. Maenya, gara-gara can ngerjakeun tugas kudu bolay kuliah. Lain gue banget lah.
Leumpang satengah lumpat. Da puguh geus leuwih lima menit tina jadwal téh. Pikasebeleunna deuih. Rék meuntas gé hésé teu cara sasari. Da puguh ti kosan ka kampus téh ngan kari meuntas. Matak teu anéh mun indit ka kampus téh sok nyatei. Peun lah sual hésé meuntas, ayeuna bijil masalah anyar.  Satpam. Na satpam téh tatadi ningalikeun waé, aya nu anéh kitu. Ah keun wéh, kasilep ku ningali nu geulis meureun.
Maju kana tangga. Sahambalan-sahambalan ditaékanna téh. Titi rinti tur tarapti ayeuna mah.
“ Sri.”
Asa aya nu ngageroan. Ka kuring kitu, ah boa lain. Éh ana dilieuk singhoréng nu ngagentraan téh kang Ajé. Bungah. Naha nya jeung kudu bungah sagala. Biasa wéh kuduna mah.
“naon kang?”
Nu nanya tiheula téh kalahka malik seuri. Teu ngarti. Émang poé naon ieu? Poé seuri sadunya kitu. Teu puguh. Tapi, nu puguh mah mata téh asa sareukseuk, sirah asa nyanyautan. Barang nincek ubin kelas. Teg téh. Saha éta? Mani ku hideung.
“kunaon Sri?” si hideung nanya.
Ukur diwaro ku gideug. Da rék ngajawab téh, teu pararuguh. Teu puguh saha nu nanya, asa karék ningali. Tapi naha nya, nu nanya téh bangun nu geus loma ka kuring. Deui-deui kuring teu hayang maliré. Keun antep ah.
Laju diuk. Ngahaja milih bangku di jajaran pang tukangna (kétah satukang-tukangna gé, jajaran ka-3). Ngahaja, da keur teu mood paadu sanghareup jeung dosén téh. Ari gék, ari aya nu datang deui. Gusti, naha sarua hideung. Astagpirulloh. Beuki loba nu datang téh. Kabéh harideung. Nyalengir deuih. Kasaha? Ka kuring? Ah maenya.
Poé ieu. Hayang buru-buru balik. Teu kuat ah lila-lila di kelas téh. Teu kuat, saban rét ka katuhu aya nu hideung. Rét ka kénca, sarua hideung. Di hareupeun mah geus puguh.
Alhamdulillah. Gening mata kuliah ka dua, dosénna euweuh. Asa mobok manggih gorowong atuh ari kieu mah. Dosén téh mani ku surti. Nyiar-nyiar pikabungaheun waé. Teu antaparah deui. Laju lumpat sakaparan-paran muru ka luar. Hareudang. Teu kuat ku nyongkabna hawa jero kelas. Nya. Kelas nu teu puguh-puguh pinuh ku nu harideung.
Barang nempo alam dunya luareun gedong fakultas. Bray téh bararodas. Caang. Di mana ieu? Dimana nya? Kalahka norowéco haté téh. Kela-kela, saha itu? Siga.. siga kang Ajé. Éh enyaan kitu. Tapi ké kélanan. Lain ah. Kang Godi.
“kang” satengah ngajorowok.
Nu ditanya ngabalieur. Hih meni teu diwaro. Abong sastrawan kasohor. Digentraan ku jalma leutik mah, ngabaléngos. Keun moal diwawuhan gera (kuduna gé itu nu moal ngawawuhan kuring nya).
Ceuk paribasa. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok téa. Teu karasa. Geus di kosan deui. Asa hiber. Teuing ngaleungit kétah.
Kukurubukan. Lapar. Masak ah. masak asin kéré nu amis jeung sambel. meumpeung boga tarasi. Am am dahar. Wareg. Aduh panyakit téh jadi deui. Panyakit tunduh lamun geus wareg. Jeung deuih itu bantal asa ngagupayan. Ngén bobo cenah. Ah dodoja ieu mah. Reup téh, teu inget di bumi alam. Asana mah teu ngimpi-ngimpi acan.
Barang nyah hudang. Aya nu ngabedaga. Buleud. Boga leungeun opat. Nu hiji cicing, nu dua siga nu cicing. Ari nu hiji deui puputeran. Hayang sidik. Ana cengkat téh, langsung ngajenghak. Sirah. Duh nyeri. Leungeun leuleus. Ari gigireun aya buku. Serat Sarwasatwa. Astagfirulloh. Saha nu mareuman alarm? Meni euweuh nu ngahudangkeun. 

Ledeng, Nopember ahir, 2012



Carpon KALANGKANG PEURAY

KALANGKANG PEURAY
Ku Hernisa A. Nugraha

Langit soré geus peureum, ayeuna kari bungkingna. Engapan ngaranjug teu ngawirahma. Geus waktuna. Kudu buru-buru da kapan kang Ido mah ari palay dipencetan téh sok tara kénging elat tina nu dipasinikeun.
Saméméh jung, sagala kalengkepan ngarancét kudu dicék heula. Minyak keletik, elap, anduk leutik, jeung.. euhh naon deui nya? Asana mah enggeus kabéh. Da puguh ngan sakitu-sakituna kétang.
Jekrék téh panto dikoncian. Los indit ka tempat pangjugjugan, ladang nyiar duit. Duit nu salila ieu jadi tali panyambung saban rénghap. Rénghap bagja nu pinuh ku pangharepan.
Lila ngajengjen hareupeun panto imah Kang Ido. Sabada tilu kali salam, antukna pribumi kapireng ngoloyoh ngadeukeutan panto. Laju dibuka tulakna. Ana bréh téh, imut pribumi geus miheulaan kedalna kecap. Sorot paningalna nganteurkeun jirim ka ditu, ka engonna kang Ido.
“Loba gawé di kantor téh Lis, geus opat poé ngalemburna gé. Pék atuh kainyah!” kang Ido muka paguneman bari mukakeun kaos sangsangna.
“Mangga kang,” ukur sakitu ti kuring.
Teu talangké. Awak kang Ido nu ngeplak diusapan ku minyak keletik bari dirampaan ku hariwang. Palaurna lain sulap. Teu cara sasari. Na nu ayeuna mah béda, jajantung gé geus asa rék ragrag.
“Cing atuh Lis, rada kahandap..!”
“Muhun,” cekéng téh.
Ngomong irit kitu téh, lain pédah judes, tapi ieu baham asa hareurin ku létah. Teu puguh cabak, teu puguh rampa. Teu kahaja deuih leungeun téh ngarampa lebah céda, tilas geubis na motor cenah. Nepi ka nu dirancét téh ngorénjat nyeurieun. Tuluy malik nyanghareupan ka kuring. Mencrong. Teu ngiceup. Pon kitu deui kuring. Ana kuring ngiceup, leungeun kuring geus dibetot. Biwirna mani nompo kana ceuli.
“Tos tong mijit deui. Janten bojo akang wéh.”
Kuring teu bisa ngajawab. Kalahka mata simeuteun, olohok hookeun.
“Lis.. “ teu bérés ngomongna téh da panonna téa kaburu ngiceup.
“Istigfar kang! Punten, euhh abi leres teu kahaja..” lalaunan semu asa-asa.
Nu nyekelan pageuh antukna udar. Medar lalakon kemba, ninggalkeun kuring. Kuring nu tuluy kaeunteupan hémeng. Nginget-nginget naon waé nu bieu karandapan. Gusti nanaonan ieu abi?
Ti harita teu hayang deuih datang ka imah kang Ido. Lain kunanaon. Sieun kadua bingung kuring téh. Kabayang mun harita nepi ka..
Astagfirulloh… Sora hapé meupeus lamunan.
Lis, ka bumi ngké jam tilu nya. Carangkeul yeuh balas turnamén kamari di kantor. 
Baluwengna haté nampa sms kitu téh. Datang ulah nya? Ari henteu, nyiirikeun teuing duméh kuring keur ngajauh ti Kang Ido. Tapi ari datang, sok palaur. Palaur teu bisa nyekel prinsip. Prinsip hirup tukang rancét nu teu boga daya upaya, nu dianggap barang murah anu hayang boga ajén.
Ana dipikir-pikir deui, teu salah meureun lamun kuring nohonan kahayang kang Ido, dirancét cara sasari. Antukna sanggeus paguneman lila antara haté jeung uteuk, kuring ngayakinkeun hate: bakal datang!
Basa panon paadu teuteup jeung kang Ido, karasa aya angin nu nebak kana embun-embunan. Tiis.
“Lis calik!” cenah.
Dijawab ku unggeuk. Tapi anéh bet dititah diuk na korsi paranti sémah. Da biasana gé langsung muru ka engon. Tuluy dirancét, ngubarana nu carangkeulna téa.
 “Lis, euh akang téh..” can kebat kénéh. “ Akang téh resep ka Elis, Elis kersa teu hirup sareng akang?” pegat-pegat tapi atra.
Saumur hirup gé, kuring can kungsi ngadéngé sora guludug anu ngagerewahkeun tapi matak éndah kadéngéna cara bieu. Gusti, tobat ieu abi. Sanajan diri leutik tapi da haté mah gedé pangharepan. Harepan boga gantar cecekelan balas ngabagi bagja jeung nalangsa.
“Tapi kang, da abi mah mung tukang rancétijit, sanés saha-saha, janten..” teu budal kabéh omongan téh. Padahal teu munapik da ari haté mah ngajorowok ngaheueuhkeun.
**
Geus méh sataun kuring masantrén di Pasantrén Umi Aisyah. Teu karasa. Patrem nu baheula nancleb na dada putri Citraresmi gening kiwari geus pukah dicabut ku wanci. Mo aya deui nu dipikahariwang. Mo aya deui nu dipiharep, iwal kabagja. Bagjana hirup jadi jalma hirup. Lain. Lain hartina kamari kuring teu hirup, tapi pédah hirup kuring nu kamari mah teu nyawaan cara ayeuna.
Talaga kaléreun kobong jadi wadah miceun panineungan. Batu-batuna anu satia malédogan panyakit sangsara haté nu geus mangbulan-bulan dikukut na diri. Anginna teu ieuh bosen ngahihidan batin nu ngageuri. Seungtina malati teu laas kabanjur cimata kasedih nu salila ieu ukur bisa diheumheum sapribadieun.
Imas. Batur masantrén nu panggeténna. Manéhna nu salila ieu ngaduruk sumanget pikeun hudang. Unggal janari teu bosen ngageuingkeun pikeun  tahajud. Saban rék saré tara boseneun ngingetan pikeun ngadu’a cenah sangkan Pangeran ngahampura dosa, tur ngabarokahan hirup huripna urang.
“Lis tong ngalamun waé ah, ké gé ngalaman atuh” bari nyikikik ngoconan kuring nu keur ngalungsar handapeun tangkal kembang keretas kayas.
“Ih naon sih Mas!” bari mésem.
“Kunaon?” nanyana téh semu nu ngarti yén kuring keur ngemu pipikiran.
“Henteu..” bari ngarénghap.
Imas males ku sorot panon. Teu kedal ku lisan tapi norowéco nanya ka kuring. Antukna kuring balaka.
“Sono mas ka kang Ido.” bari miceun sorot panon kana luhurueun kenténg kobong.
Imas ngawaro ku imut. Leungeunna nu laléncop ngusapan kana taktak. Tingtrim haté téh ari kitu mah.
“Kieu atuh Lis, énjing sabada netepan subuh Lilis angkat ka kota teu kedah wawartos ka Umi. Asal Lis kedah mulang deui sateuacan asar nya?” ngayakinkeun.
Panto asa muka lega pisan. Teu kalis aya pepedut nu ngahalangan. Sanajan sieun tapi haté yakin. Yakin mawa awak nyampeurkeun bahla nu kasumputkeun ku kasono.
**
Angkot eureun hareupeun pisan imah kang Ido. Tangkal cau nu baheula paragi nyawang langit, kiwari kari bogolna.
Tangkalna pites teuing ku saha. Lalaunan tulak pager di sorolokkeun. Bray pager muka. Imah éta nu kamari nyaksian kuring mukahkeun prinsip hirup. Lain deui jadi tukang rancét anu hayang boga ajén, tapi tukang rancét anu nirca, teu pageuh nyekelan tatali hirupna.
Lar, mapay-mapay pijalaneun. Antukna mah jog kana korsi tamu. Aya lampu caang nu ngaburinyay na kongkolak panon. Lamunan ngacacang ka mangsa baheula. Baheula didinya pisan ucap cintana kedal. Nya didinya deuih kuring ngaleupaskeun ajén hirup nu geus lila dicekel pageuh. Angin nu tiis nepak embun-embunan singhoréng angin bajra nu nganterukeun diri kana dosa. Aya kana tilu bulanna kuring ngalaman hirup bareng jeung jungjunan haté. Nu cenah bakal satia satuhu babarengan nepi ka jaga. Sanajan can kungsi ngucap jangji di balé nyungcung, kuring jeung kang Ido teuneung nyanghereupan seuneu nu ngabebele hareupeun. Nepi ka dina hiji poé, seuneu téh bet ngaduruk awak, ngagorogotan kapangkuh diri anu salila éta dipupusti. Kang Ido geus jarang balik ka imah, ngulampreng teuing kamana. Kecap cintana gé geus tara deuih kadéngé. Kuring bingung teu puguh kudu kumaha. Kang Ido jungjunan kuring geus cidra tina jangjina.
Teu kuat nandangan hirup kawas kitu nya ngalantarankeun kuring lunta. Indit sakaparan paran, sugan nimu caang di lajan. Ku asihna Gusti nu Maha Welas Asih, antukna kuring papanggih jeung Imas. Imas nu nyait kuring tina rurujit. Nungtun kana caang nu salila ieu ditutupan ku peteng.
Sora adan lohor nyitreuk lamunan. Mulangkeun pangacian nu bieu minggat ka panineungan baheula. Lapur. Sakulibek imah geus ditéang tapi kang Ido teu kasampak. Harepan, meureun ukur harepan. Teu laksana pamaksudan téh. Balik. Éta jawaban hiji-hijina nu ngelemeng. Moal r­ék lila-lila ngarepkeun nu teu pasti. Peunlah duriat teu kudu deui diubaran. Ubarna gé geus ilang pisan. Sugan wéh panyakit sono kuring bisa laas palid ku wanci. Sugan.
Angkot ngabiur tarik siga kuda nu ngahaja diteunggarkeun. Eureun sakeudeung di péngkolan nu rék ka pasar baru. Wajar. Apan tukang angkot gé butuheun dahar, keur maraban anak pamajikanana. 
Panon asa peurih. Teuing pédah nahan cimata, teuing pédah kakebulan. Nu sidik aya panumpang nu naék kana angkot kuring. Siga nu duaan padahal tiluan. Tiluan mun diitung jeung orok nu keur diais ku bapana mah.
Asa wawuh! Salirana nu jangkung leutik. Buuk nu tukangna rada rancung. Jeung panonna nu seukeut. Naék ati-ati kana angkot. Dirérét teu bari ngiceup. Sumérédét. Aya nu nurih siki panon kuring. Sorot nu mencrong lir kembang kadu. Kang Ido. Gening akang sareng ingkang geureuha nu naék téh.
***
Kosan ajaib, Désémber 2012
Mangle, no. 2417 21-27 Maret 2013


Senin, 02 Mei 2016

Sajak Siki Saga

Siki Saga
Ku Hernisa A. Nugraha

Kuring mo bisa deui narima
Werat nampi paisan kosong
Alim diri digugulung baluweng
Sasat béda jaman gé hanteu
Tong pisan-pisan  ngaheruk lulungu
Ka sim abdi nu ukur siki saga

Kuring memang sagede kebul
Tapi haté mah sagara paul
Najan awak pinuh ku getih
Tapi raga pinuh ku kawani
Sasiki saga nya diri
Sagedé gunung sunda nya harga
Saleutik siki nya awak

Sabeureum saga nya harepan

Sajak RAMPAK TONGÉRÉT

RAMPAK TONGÉRÉT
Ku Hernisa A. Nugraha

Ngahuntu ngotéktak kecap
Ngabudah ngaléméréh baham
Ti kidulna masangkeun baliho
Ti kalérna nancebkeun bandéra

Disada réréangan
Paudag-udang jeung sora jangkrik
Paciweuh pating  témbalan
Rawah riwih ngalétakan  ciduh metu

Rampak tongérét
Patarik-tarik nyorowokeun
paisan kosong
Silih umbar
buruh ngotrét
nyeklis dina gambar

Kabuktian ukur saharitaeun
Kabokér  dimangsa kahareupna
Kampanye wakil  kekebul
Ngan ukur rampak tongérét

Di leuweung  geledengan

Sajak Ngageuing Deui

Ngageuing Deui
Ku Hernisa A. Nugraha

Kahudang kageuing deui
Leunjueuran kanyeuri
Mapag nu ngalangkang

Sumping ukur sajolérat
Rasa gé milu ngoréjat
Lamunan teu bisa ngejat
Masih mikacinta mah sasat

Jungjunan
Wiati nu dipiati
Kersa mah teu pirang mindoan deui asih
Asih urang dina kalangkang layung
Asih mamanis kapungkur
Jaman urang kasmaran kénéh
Ku dedeg tegepna salira

Kagandrung linduh iuhna mamaras diri